PITUAH KI ASTAHIAM

Ki Astahiam keur mere wejangan ka anak jeung minantuna:
"Kade, Jang, Nyai, ulah sambarangan ngawarah budak teh. 
Anak-anak maraneh teh sabenerna amanah ti Nu Mahakawasa.
Ulah dicontoan ngomong nu teu uni, cawokah, kasar atawa nu matak piteungeunaheun batur."
"Lamun budak urang rewel, poma ulah disentak, komo make kudu diciwit atawa dicabok mah - pantrangan pisan."
Minantuna: "Upami nakal kedah dikumahakeun, Bah?"
Ki Astahiam: "Cekek, we."

  


No comments:

Mohon komentari dengan sopan

//