GARETEK

Ceu Kokom: "Bahasa Jawa mah gampang, ampir sarua jeung bahasa urang. Ngan ari urang mah loba make A, ari Jawa mah loba make O."
Bi Momoh: "Contona?"
Ceu Kokom: "Bondowoso, Ponorogo, monggo, totokromo......."
Bi Momoh: "Ari bahasa Jawana 'kuntul' naon?"
Ceu Kokom: "Sebel ah! Maneh mah kadinya bae koloyongna!"
Disentak kitu, Bi Momoh ngelemes eraeun, terus menta hampura, "Moal sakali-sakali deui nanya nu teu paruguh." ceunah.
 
Ceu Kokom neruskeun 'ceramahna': "Mun urang Jakarta mah, ari ngomong teh sok ditungtungan ku E. Kenapa jadi kenape, sangka jadi sangke, nangka jadi nangke, mangga jadi mangge...."
Bi Momoh: "Urang Jakarta mun nyebut 'ngewa' kumaha?'
Ceu Kokom: "Maneh mah geus garetek, nya? Geus lila teu ngambeu lalaki!"
  

No comments:

Mohon komentari dengan sopan

//