IEU MAH TEU LUCU, SEBEL

Sok sedih sakapeung mah, urang Sunda teh siga keur terus-terusan diranjah ku batur. Boa-boa 30-40 taun deui mah urang Sunda teh ngan aya dina buku sajarah.
Baheula, teu baheula baheula teuing ketah, kakara oge 50 taun katukang: Sumatra, Kalimantan, Sulawesi, Jawa, disebutna Sunda Besar. 
Bali, Lombok, Sumba, Sumbawa jeung pulo-pulo beulah wetanna katelahna Sunda Kecil. 
Jadi tetela Sunda teh kungsi ngalaman jaman katenaran.
Kumaha ari ayeuna?
Loba pisan urang Sunda nu tara make basa Sunda. 
Alesanna mah rupa-rupa. Aya nu sieun salah, cenah, da teu ngarti undak usukna. Aya nu balaka, ku kolotna tara diajak komunikasi make basa Sunda. Tapi, nu pang-pikasediheunna mah, loba urang Sunda nu ngarasa era mun kanyahoan asli urang Sunda!!
Coba we, geura: 
  • mojang-mojang Sunda daraek wae disebut Mbak, nonoman Sunda daraek disebut Mas. Sanajan can nyorang dagang jajamu atawa baso.
  • ngaran-ngaran tempat dirobah sangeunahna: Nagreg jadi Nagrek, Ciledug jadi Cileduk, Gadog jadi Gadok, malah Jelebud mah geus resmi jadi Cilebut. 
  • urang Sunda pipilueun atawa pura-pura teu bisa nyebut 'sujud', 'maksud', 'boled', 'buleud', 'bedog', 'godeg', 'bebegig'.  
  • Bajing Luncat jadi Bajing Loncat, 'nyampeur' jadi 'nyamper'.
  • Rhinoceros sondaicus diterjemahkeun jadi Badak Jawa.
Komo lamun make Bahasa Indonesia mah, kaciri pisan urang teh geus kabawakeun amburadul, conto:
  •  'bahwa'  diganti ku 'kalau' atawa 'jika'. 
  • 'ngerti', pabeulit jeung 'mengetahui'
  • kata ganti 'nya' dipake keneh, padahal nu digantina teu dileungitkeun.
  • 'besok' -------hartina 'nanti, kapan-kapan'
  • 'tak' -------teuing hartina naon????
  • 'orang' -------teuing timana jujutanana 
  • 'masih' ------hartina 'masih ada'
Conto: Saya enggak ngerti kalau bapaknya Si Udin bekerja di sini.
Hartina: Saya tidak tahu bahwa bapak Si Udin bekerja di sini.

Conto deui: Besok saya datang, sekarang saya tak kursus dulu.
Hartina: Nanti, kapan-kapan kalau saya sempat, saya akan datang, sekarang saya mau kursus dulu.

Conto hiji deui: Belum nggoreng nasi? Orang nasinya masih, bawangnya masih.
Hartina: Belum menggoreng nasi? Nasinya masih ada, bawang putihnya masih ada. 

Conto hiji deui: Sungai Cisadane jadi Kali Cisadane. Tong heran mun engke aya nu nyebut Kali Barito, Kali Musi, Kali Mississippi.

Conto hiji deui: Bajing Luncat jadi Bajing Loncat. Sunda Kalapa jadi Sunda Kelapa, Kebon Kalapa jadi Kebon Kelapa. 
 


No comments:

Mohon komentari dengan sopan

//