BINTANG SANEPA


Peristiwana tacan lila, taun 2007.........
Harita teh kuring keur numpak beus Bintang Sanepa jurusan Cikarang-Rajagaluh. 
Di Kadipaten, aya aki-aki anu naek, diukna gigireun kuring pisan.
Kakara oge palebah Jatipamor, aki-aki teh beungeutna pucet jeung bari ngoprot kesang ----jigana mah asup angin. Manehna kaciri hayang utah, luak-lieuk ka kenca-katuhu, bingungeun rek utah kana jandela, kahalangan ku kuring, rek kana kantong keresek, teu mawa.
Tungtungna mah borolo we manehna utah kana kopeahna.
Beungeutna seger ayeuna mah, tapi jiga-jigana mah bingung deui bae, rek kamana miceun eusi kopeah, da ari ditatanggeuy bae mah kesel, meureun.  Manehna luak-lieuk deui ka kenca-katuhu.
Sakadang aki-aki teh teu beakeun akal, tungtungna utahna diuyup deui. Gelekgek. Sedaaaap!   




No comments:

Mohon komentari dengan sopan

//