...............
Tos diemutan
sawewengi, tos dibeuweung diutahkeun
pituah jenatna ustad E.W. (Eko Wijanarko) kahartos ayeuna mah geuning, ari banda teh ngan ukur titipan, da moal di candak ka aherat.
pituah jenatna ustad E.W. (Eko Wijanarko) kahartos ayeuna mah geuning, ari banda teh ngan ukur titipan, da moal di candak ka aherat.
Sawah lega, kebon duren, mobil 12 siki, jeung sajabana moal, moal aya nu dicandak ka aherat. Padahal mah sering dielingan boh ku kulawarga boh ku rerencangan, Akang teh nembe ayeuna insap, yen akang teh kirang sidekah.
Tong salempang, ku Akang pasti moal dipasihan nanaon.
Kukituna ti sadaya wargi pisbuk 100% Asli SUNDA Akang miharep kajujuranana. Sing saha bae anu nuju aya karerepet, meryogikeun pitulung, geura balaka bae, kintunkeun SMS ka Akang kangge ngadiskusikeun kaperyogianana.
..........Tong salempang, ku Akang pasti moal dipasihan nanaon.
PS:
*Mimin, sawah nu kalereun kebon Haji Somad ulah diical, sanes nu urang.
*Nining, kebon duren anu di Rancamaya geura dipupu, asal tong terangeun nu gaduhna.
*Yayang, mobil anu 12 rawatan sing apik, sugan diburuhan ku nu gaduhna.
No comments:
Mohon komentari dengan sopan